Ilaharna atikan dumasar budaya téh tangtu leubeut alaeun, saupama daék ngundeuran hiji-hiji tuluy dijadikeun pondasi atikan sangkan ngahasilkeun manusa-manusa unggul dina sagala widang. Sagédéngeun ti éta kamajuan téknologi ogé miboga peran nu penting pikeun ngarojong pangajaran nu modérn pikeun miara budaya wariseun jaga ka generasi saterusna, ulah nepi ka pareumeun obor. Kiwari, keur léléngkah halu kénéh atikan panca waluya nu dasar pamikirana ceuk kuring pribadi patali jeung catur diri insan. nyaéta cageur, bageur, bener, pinter, jeung singer. Hiji bukti pangabutuh ngeunaan atikan di unggal wewengkong boga ciri séwang-séwangan, sabab kabutuhanna ogé béda. Index Pembangunan Manusia téh salah sahiji pangrojongna nyaéta atikan ku kituna wewegan heula atikanana sangkan leuwih nanjeur deui hasilna.
Cindekna, atikan téh hiji pakakas pikeun ngajadikeun manusa jadi leuwih manusa sarta miboga rasa kamanusaan nu paripurna. Atikan kiwari loba teuing pacoro kokod jeung atikan barat nu majar panghadéna barijeung teu diayak heula nu mana nu merenah jeung henteu dipaké jadi papagon atikan di urang. Tingkatkeun heula sumber daya manusana kakara robah métodena sangkan teu pasalia tujuanana, tarékahna ngaliwatan nyusun pakakas pangajaran nu matuh jadwalna jeung waragadna ulah saukur nitah bari maké basa ikhlas, kabébasan nyusun modul tiap wewengkon, ulah aya satandar salah jeung bener dina nyusun modul ajarna, sabab kabutuhan unggal wewengkon ogé tangtu béda, sarta pageuhan ajén budayana adu maniskeun jeung modérn moal burung hasilna hadé, sabab manusa boga akal pikeun nangtukeun kualitas dirina sarta méré mangpaat ka papadana. (*)
