Lalakon Bihari Alaeun Kiwari, Atikan Dumasar Kana Budaya

IRAKS
Jaya Kusumah {Dosen Prodi PGMI Institut Agama Islam Rakeyan Santang (IRAKS)} --KBE--
0 Komentar

ATIKAN kiwari remen pisan jadi kacapangan ku parobahan sagalana boh média diajarna boh métode pangajaranna, ieu hal tangtu mangaruhan kana kasiapan sakola ti jenjang dasar, menengah, jeung paguron luhur. Utamana pamadegan séwang-séwangan ngeunaan wangenan atikan éta sorangan, nu dicaritakeunna hasil studi banding ti nagara deungeun nu majar leuwih hadé hasil atikanana. Sedeng loba pisan masarakat nu pamahaman ngeunaan atikan téh déét pisan, ngan saukur ngagugurkeun kawajiban nyaéta kudu sakola.

‎Antukna peran atikan téu kacangking sacara gembleng ma’nana pikeun kahirupan kiwari malah mandar nepi ka jaga. Salahsahijina atikan dumasar kana budaya, ari budaya téh hiji kagiatan atawa hasil tina pikiran manusa nu disaluyuan ku sakabéh masarakat antukna jadi tradisi, sarta diwariskeun sacara turun-tumurun. Konsép pikiran dasar ngeunaan atikan di nagara urang geus hadé pisan, nu kurang mah ukur pamahaman individu jeung cara ngokolakeun larapna atikan nu luyu jeung kahayang pamaréntah.

‎Lamun diguar perkara atikan kana konséptual tangtu jaman karajaan gé geus aya atikan téh sabab aya istilah resi (guru) nu can aya mah sigana wangunan jeung kurikulum sarta pakakas atikan siga kiwari, saperti: modul ajar, ATP, TP, jeung CP. Naon sababna, sabab goals (tujuan) nu béda. Konsép diajar baheula jeung ayeuna tangtu mibanda bébédaan ti mimiti mangpaat nepi kana kabutuhanana, ieu hal téh luyu kénéh jeung kamandang Ki Hajar Dewantara ngeunaan ajén atikan nu unina: Ing Ngarso Sung Tuladha (di hareup sing jadi conto), Ing Madya Mangun Karsa (di tengah sing bisa ngawangun motivasi/sumanget), Tut Wuri Handayani (di tukang sing bisa ngadorong/ngarojong).

Baca Juga:Tiga Tahun Mengawal Gratis, Kantor Hukum Iwan Supriadi Tuntaskan Hak Pensiunan KaryawanUPDATE! Deretan Kode Redeem FF Hari Ini 19 Mei 2026, Klaim Segera Hadiah Skin Ekslusif-Diamond Terbaru Gratis

‎Hal di luhur saluyu ogé jeung catur diri insan di tatar Sunda, nyaéa: pengkuh agamana, luhung élmuna, rancagé gawéna, sarta jembar budayana. Ajén atikanna basajan pisan, sabab numutkeun Hasan Mustapa mah pinter téh nyaéta maca, nyarita, nulis, ngitung, ngaregepkeun, jeung ngalamun. Ieu téh mangrupa prodak budaya nu kudu diteuleuman saméméh nangtukeun kurikulum tangtukeun heula tujuan atikana téh naon, kumaha jeung rék kamana? Sangkan parobahan teu siga tahu bulat, jeung teu loba teuing garapan pikeun guru.

0 Komentar